KABAYAN
jeung PNPM
Carpon Lina Lolyn Herlina
“Rek ka mana euy?” Mang
Oji nanya barang ningal Kabayan leumpang ngagedig muru ka lebah manehna.
“Ka Bale Desa, Mang” tembal Kabayan.
“Euleuh aya angin naon yeuh sinarieun maneh aya
kapentingan ka Bale Desa sagala rupa?” Mang Oji heran.
“Aya pangondang Ki Erte cenah nyebut-nyebut Musyawarah
Peenpeem-peenpeem kitu, teuing kuring ge can pati ngarti…. Ari Mang Oji teu
diondang kitu?” Kabayan malik nanya.
“Diondang, puguh kuring ge rek mangkat pisan, hayu ah,
bareng!” Duanana ngaleos patutur-tutur muru Bale Desa.
“Ngalebetan heula
daftar hadir Kang Kabayan!” saur Teh Yani, Kader Desa aktivis PNPM bari
ngasorkeun buku daftar hadir.
“Euleuh horeng rapat di Desa mah make kudu nandatangan
sagala rupa geuningan” tembal kabayan bari nyengir
“Muhun atuh Kang, kangge buktos kagiatan.” Teh Yani
ngajelaskeun.
Teu kungsi lila acara dimimitian. Pa Kuwu nu mere
sambutan jentre naker ngajelaskeun pamaksudan ngariung di eta tempat. Nu
haladir sarua daria naker ngabandungan.
“Desa urang teh masih keneh perlu bebenah utamana dina
pangwangunan fisik. Tapi ieu bantuan ti pamarentah teh henteu haratis, maksudna
urang salaku masyarakat oge kudu berpartisipasi dina swadaya. Swadaya naon bae?
Ah, eta mah rek mangrupa alat, bahan atawa tanaga…” kitu di antarana sasauran
Pa Kuwu disusul kuseahna nu hadir ngahaminan.
“Sim Kuring siap swadaya tanaga Pa Kuwu!” Kabayan
nyeleungkeung sumanget pisan.
“Alus Kabayan, sikep nu saperti kitu perlu di conto,
komo mun swadayana ditambah alat jeung bahan mah”
“Sim kuring mah rumaos jalmi teu gaduh pa, mung pami
ngabantosan Pa Erte ngerahkeun swadaya tanaga mah sim kuring oge siap!” tembal
Kabayan semu legeg. Nu haladir geur eprok mani seah. Panuju ku polah Kabayan meureun.
Saha nu nyangka atuh, Kabayan nu kaceluk pangedulan lebah aub na pangwangunan
mah apan teu kitu. Kabayan estuning geus nembongkeun sikep nu hade. PNPM pikeun
manehna geus karasa gede pisan mangpaatna. Rek teu kitu kumaha ceuk pamikirna,
kagiatan PNPM salila ieu geus ngilu ngaronjatkeun kahirupan urang lembur nu
lain lumayan.
“Taah, geuning alus ari kitu mah Kabayan!” Pa Kuwu seuri semu
bungah.
“Kabayan tea …!” tembalna asa beuki dihatean. Nu
haladir beuki seah ningal pamolah Kabayan kitu teh.
“Euleuh kitu carana mah urang oge kudu giak, nya
Mang!” Ki Utar noel ka Wa uju gigireunana.
“Atuh nya heueuh, Tar. Era atuh mumul mah ku si
Borokokok …!” tembal wa Uju nyerengeh.
****
Kocapkeun dina pelaksanaan kagiatan. Isuk keneh Kabayan
geus saged. Pangwangunan jalan rabat beton alpukahna PNPM di lemburna rek
mitembeyan. Bener pikeun manehna mah. Siap
nyumbang tanaga keur pangwangunan jalan rabat beton teh , lain cukul ka biwir.
Sok sanajan eta jalan lain di blok manehna, Kabayan tetep sumanget.
“Ngajingjing naon euy, Kang Kabayan mani rangkibung
kitu geuningan?” Lurah Parno nanya
“Gula kopi Pa Lurah.
Lumayan sacangkir sewangmah ubar
hanaang engke” tembal Kabayan nyerengeh.
“Sugema Abah boga minantu teh mun salilana siga kieu
mah Kabayan, daek gawe jeung berehan” Abah nu nuturkeun tukangen milu nimbrung.
“Kabayan tea…! He…he … heh ku Abdi dipangninyuhkeun
nya, Abah anu lekkooohh.” Kabayan urungah-erengeh. Nenjo kitu peta teh si Abah
mah semu bungah teu bungah tea. Kabayan cuek.
Kacaritakeun diimah Kabayan, si Ambu keur kokotetengan
bari gegerendengan, “Rarasaanmah can pikun Ambu teh, tapi geuningan poho-poho
teuing. Ari tadi nunda kopi jeung gula teh na dimana atuh nya?!” pokna bari
garo-garo teu atul. Har …!