Selasa, 13 November 2012


KABAYAN jeung PNPM
Carpon Lina Lolyn Herlina

                                                                                     
            “Rek ka mana euy?” Mang Oji nanya barang ningal Kabayan leumpang ngagedig muru ka lebah manehna.
“Ka Bale Desa, Mang” tembal Kabayan.
“Euleuh aya angin naon yeuh sinarieun maneh aya kapentingan ka Bale Desa sagala rupa?” Mang Oji heran.
“Aya pangondang Ki Erte cenah nyebut-nyebut Musyawarah Peenpeem-peenpeem kitu, teuing kuring ge can pati ngarti…. Ari Mang Oji teu diondang kitu?”  Kabayan malik nanya.
“Diondang, puguh kuring ge rek mangkat pisan, hayu ah, bareng!” Duanana ngaleos patutur-tutur muru Bale Desa.
            “Ngalebetan heula daftar hadir Kang Kabayan!” saur Teh Yani, Kader Desa aktivis PNPM bari ngasorkeun buku daftar hadir.
“Euleuh horeng rapat di Desa mah make kudu nandatangan sagala rupa geuningan” tembal kabayan bari nyengir
“Muhun atuh Kang, kangge buktos kagiatan.” Teh Yani ngajelaskeun.
Teu kungsi lila acara dimimitian. Pa Kuwu nu mere sambutan jentre naker ngajelaskeun pamaksudan ngariung di eta tempat. Nu haladir sarua daria naker ngabandungan.
“Desa urang teh masih keneh perlu bebenah utamana dina pangwangunan fisik. Tapi ieu bantuan ti pamarentah teh henteu haratis, maksudna urang salaku masyarakat oge kudu berpartisipasi dina swadaya. Swadaya naon bae? Ah, eta mah rek mangrupa alat, bahan atawa tanaga…” kitu di antarana sasauran Pa Kuwu disusul kuseahna nu hadir ngahaminan.
“Sim Kuring siap swadaya tanaga Pa Kuwu!” Kabayan nyeleungkeung sumanget pisan.
“Alus Kabayan, sikep nu saperti kitu perlu di conto, komo mun swadayana ditambah alat jeung bahan mah”
“Sim kuring mah rumaos jalmi teu gaduh pa, mung pami ngabantosan Pa Erte ngerahkeun swadaya tanaga mah sim kuring oge siap!” tembal Kabayan semu legeg. Nu haladir geur  eprok  mani seah. Panuju ku polah Kabayan meureun. Saha nu nyangka atuh, Kabayan nu kaceluk pangedulan lebah aub na pangwangunan mah apan teu kitu. Kabayan estuning geus nembongkeun sikep nu hade. PNPM pikeun manehna geus karasa gede pisan mangpaatna. Rek teu kitu kumaha ceuk pamikirna, kagiatan PNPM salila ieu geus ngilu ngaronjatkeun kahirupan urang lembur nu lain lumayan.
“Taah, geuning  alus ari kitu mah Kabayan!” Pa Kuwu seuri semu bungah.
“Kabayan tea …!” tembalna asa beuki dihatean. Nu haladir beuki seah ningal pamolah Kabayan kitu teh.
“Euleuh kitu carana mah urang oge kudu giak, nya Mang!” Ki Utar noel ka Wa uju gigireunana.
“Atuh nya heueuh, Tar. Era atuh mumul mah ku si Borokokok …!” tembal wa Uju nyerengeh.
**** 
Kocapkeun dina pelaksanaan kagiatan. Isuk keneh Kabayan geus saged. Pangwangunan jalan rabat beton alpukahna PNPM di lemburna rek mitembeyan. Bener pikeun manehna mah.   Siap nyumbang tanaga keur pangwangunan jalan rabat beton teh , lain cukul ka biwir. Sok sanajan eta jalan lain di blok manehna, Kabayan tetep sumanget.
“Ngajingjing naon euy, Kang Kabayan mani rangkibung kitu geuningan?” Lurah Parno nanya
“Gula kopi Pa Lurah.  Lumayan  sacangkir sewangmah ubar hanaang engke” tembal Kabayan nyerengeh.
“Sugema Abah boga minantu teh mun salilana siga kieu mah Kabayan, daek gawe jeung berehan” Abah nu nuturkeun tukangen milu nimbrung.
“Kabayan tea…! He…he … heh ku Abdi dipangninyuhkeun nya,  Abah anu lekkooohh.” Kabayan  urungah-erengeh. Nenjo kitu peta teh si Abah mah semu bungah teu bungah tea. Kabayan cuek.
Kacaritakeun diimah Kabayan, si Ambu keur kokotetengan bari gegerendengan, “Rarasaanmah can pikun Ambu teh, tapi geuningan poho-poho teuing. Ari tadi nunda kopi jeung gula teh na dimana atuh nya?!” pokna bari garo-garo teu atul. Har …!